Ilustrasi angkot Soreang-Leuwipanjang. (Sumber: Ayobandung.id | Foto: Kavin Faza)

Ayo Netizen

Pengalaman Naik Angkot dari Leuwipanjang (Kopo) ke Soreang

Selasa 09 Sep 2025, 20:15 WIB

Ti Soreang ka Kopo

ti Soreang ka Kopo kana angkot nu hejo
ngan sorangan, kuring diuk di tukangeun

ti Soreang ka Kopo kana angkot nu hejo
tos ulin ti imah wargi ngan areuweuh

tadi na mah kuring na teh rek tuluy ka Ciwidey
ngan sorangan kuring sieun da teu nyaho

kuring lieur rek ka mana
rek tataros kuring era
kuring lieur rek ka mana
rek tataros teu bisa basa Sunda
tungtungna mah balik deui ka imah

ti Soreang ka Kopo kana angkot nu hejo
di dituna kuring ngadon ngadagoan

ti Soreang ka Kopo kana angkot nu hejo
da sorangan jadi nyasab we lungsurna

ditempo teh dina pelang kalah kah Leuwipanjang
nya atos we balik deui ka Tanggerang

kuring lieur rek ka mana
rek tataros kuring era
kuring lieur rek ka mana
rek tataros teu bisa basa Sunda
tungtungna mah balik deui ka imah
tungtungna mah udar ider salieurna
tungtungna mah balik deui ka imah

***

Lagu “Ti Soreang ka Kopo” dari Jafunisun pernah hits di era 2014-2020. Lagu itu bercerita tentang pengalaman seorang pria asal Tangerang di Bandung. Ia tengah melakukan perjalanan dari Soreang ke Kopo menggunakan angkot hijah. Namun ia tidak hapal jalan, yang pada akhirnya g kembali lagi ke rumahnya di Tangerang.

Para musisi Bandung memang tidak pernah mati dalam berkreativitas. Jafunisun adalah band yang menggunakan lirik bahasa Sunda dan mengemasnya dalam genre rock dan musik Jepang. Hasilnya? Jafunisun sukses membawakan Hits ‘Tahu Sumedang’ dengan aransemen musik film kartun jadul “Saint Seiya”, sayangnya single ini tidak masuk dalam album “Kahiji” yang dikeluarkan pada Juni 2011.

Pada album “Kahiji”, tersaji 9 lagu yang berbahasa Sunda dengan unsur rock Jepang. Salah satu single favoritnya adalah “Ti Soreang ka Kopo”. Lirik lagu berbahasa Sunda sederhana yang mengundang senyum saat mendengarnya menjadi ciri khas dari hampir semua lagu yang ditawarkan Jafunisun. 

Ada sedikit pertanyaan dan semoga menjadi masukan bagi Jafunisun. Dalam lirik lagu “Ti Soreang ka Kopo”, dikatakan si penumpang angkot asal Tangerang itu kesasar karena tidak mau dan malu bertanya. Sebab, mau bertanya, ia tidak bisa bisa berbahasa Sunda. Lho, bukankah lirik yang dinyanyikan dalam dan bahasa Sunda? Atau bisa saja ia bertanya dalam bahasa Indonesia. Kumaha ieu teh?

Tentang pengalaman naik angkot jalur Soreang-Kopo ini, saya pun pernah menulis tema yang sama meski dalam media berbeda.

Entah siapa yang lebih dulu? Pengalaman  itu saya tulis dalam bentuk fiksimini dalam Bahasa Sunda dengan judul “Naek Angkot”. Isinya mirip dengan lagu “Ti Soreang ka Kopo”. Bedanya Jafanisun bercerita tentang naik angkot dari Soreang ke Kopo, kalau saya dari “Leuwipanjang (Kopo) ke Soreang”. Pengalaman tersebut dimuat di buku Bulan Buleud dina Jandela, Media Cendekia 2014.

Ilustrasi angkot Kopo-Soreang. (Sumber: Ayobandung.id | Foto: mil)

Begini:

Indit gawé ti imah milu ka tatangga naék motor. Balikna mah hayang naék angkot. Geus lila teu naék angkot.

Tabuh tujuh peuting. Di terminal Leuwipanjang megat angkot ka Soréang. Kosong. Gék diuk tukangeun supir.

Angkot maju lalaunan. Supirna culang-cileung néangan panumpang. “Soréang. Soréang. Pak, Soréang. Bu, Soréang!” ceuk supir.

Euweuh nu naék.

Baheula mah nu gogorowokan néangan panumpang téh kenék. Tapi, ayeuna mah angkot téh teu usum maké kenék. Supirna teu boga duit meureun jang ngagajih kenék? Boro-boro kenék, jang sopir sorangan gé can tangtu kabagéan.

Angkot téh reg eureun di parapatan da lampu beureum hurung. Préman terminal nu maké tato nyampeurkeun supir. Ujug-ujug srot, srot! nyemprotkeun parfum ka awak supir.

Terus préman téh namprakkeun leungeun menta duit ka supir. Supir ngasongkeun duit sarebu.

Lampu héjo. Angkot maju deui. Lalaunan. Reg eureun hareupeun bank. Ngetém jeung sababaraha hiji angkot.

“Soréang! Soréang!”

Euweuh panumpang nu naék. Karunyaeun ka kuring, supir majukeun deui angkot. Culang-cileung kénéh. “Soreang! Soreang!”

Reg deui eureun di parapatan Kopo. Ngetém deui. Motor sing belesat tararik. Supir ngageroan padagang asongan. “Jang, roko sabatang lah. Lieur. Euweuhan kieu.”

Supir ngasongkeun duit sarébu. Roko diseungeut. Ngebul tina baham jeung irungna.

Di luar, calo ngabantuan gogorowokan néangan panumpang. Keseleun. Maju deui. Palebah Miko Mall rada macét. Nu ngamén ngagajleng naék. Lagu Ayu Ting Ting. Geus réngsé, pangamén téh ngasongkeun plastik urut air mineral. Sor ku kuring dibéré sarebu.

“Nuhun, Pa!” ceuk pangamén.

Maju saeutik-saeutik. Supir nyusut késang. Bahamna kumétap ningali jalma keur balakécrakan dahar pecel lélé jeung soto ayam di warung ténda sisi jalan. Sanggeus Miko Mall mah, angkot téh rada tarik. Di Sayati ngarandeg. “Soréang! Soréang!”

Euweuh nu naék.

Maju deui. Rada tarik. Leuwih tarik, muru bubaran pabrik di palebah Bojongbuah. Enya bubaran. Tapi, euweuh panumpang nu naék da dijaremput ku motor. Ngabiur deui.

“Pa, badé ka mana?” supir nanya.

“Gadingtutuka,” témbal kuring.

Tepi ka Warunglobak angger euweuh panumpang nu nyetop.

Nyebrut ka Gadingtutuka. Kuring eureun di parapatan. Ngasongkeun duit dua puluh rebu.

“Teu aya wangsulan, Pa. Aya nu pas?” “Wios, tong diwangsulan,” ceuk kuring.

“Nuhun, Pa.”

Angkot teu tuluy ka Soréang, tapi dibalikkeun deui ka Bandung. (*)

Tags:
angkotLeuwipanjangSoreangJafunisunSoreang-Kopo

Dudung Ridwan

Reporter

Aris Abdulsalam

Editor