Ti Soreang ka Kopo
ti Soreang ka Kopo kana angkot nu hejo
ngan sorangan, kuring diuk di tukangeun
ti Soreang ka Kopo kana angkot nu hejo
tos ulin ti imah wargi ngan areuweuh
tadi na mah kuring na teh rek tuluy ka Ciwidey
ngan sorangan kuring sieun da teu nyaho
kuring lieur rek ka mana
rek tataros kuring era
kuring lieur rek ka mana
rek tataros teu bisa basa Sunda
tungtungna mah balik deui ka imah
ti Soreang ka Kopo kana angkot nu hejo
di dituna kuring ngadon ngadagoan
ti Soreang ka Kopo kana angkot nu hejo
da sorangan jadi nyasab we lungsurna
ditempo teh dina pelang kalah kah Leuwipanjang
nya atos we balik deui ka Tanggerang
kuring lieur rek ka mana
rek tataros kuring era
kuring lieur rek ka mana
rek tataros teu bisa basa Sunda
tungtungna mah balik deui ka imah
tungtungna mah udar ider salieurna
tungtungna mah balik deui ka imah
***
Lagu âTi Soreang ka Kopoâ dari Jafunisun pernah hits di era 2014-2020. Lagu itu bercerita tentang pengalaman seorang pria asal Tangerang di Bandung. Ia tengah melakukan perjalanan dari Soreang ke Kopo menggunakan angkot hijah. Namun ia tidak hapal jalan, yang pada akhirnya g kembali lagi ke rumahnya di Tangerang.
Para musisi Bandung memang tidak pernah mati dalam berkreativitas. Jafunisun adalah band yang menggunakan lirik bahasa Sunda dan mengemasnya dalam genre rock dan musik Jepang. Hasilnya? Jafunisun sukses membawakan Hits âTahu Sumedangâ dengan aransemen musik film kartun jadul âSaint Seiyaâ, sayangnya single ini tidak masuk dalam album âKahijiâ yang dikeluarkan pada Juni 2011.
Pada album âKahijiâ, tersaji 9 lagu yang berbahasa Sunda dengan unsur rock Jepang. Salah satu single favoritnya adalah âTi Soreang ka Kopoâ. Lirik lagu berbahasa Sunda sederhana yang mengundang senyum saat mendengarnya menjadi ciri khas dari hampir semua lagu yang ditawarkan Jafunisun.
Ada sedikit pertanyaan dan semoga menjadi masukan bagi Jafunisun. Dalam lirik lagu âTi Soreang ka Kopoâ, dikatakan si penumpang angkot asal Tangerang itu kesasar karena tidak mau dan malu bertanya. Sebab, mau bertanya, ia tidak bisa bisa berbahasa Sunda. Lho, bukankah lirik yang dinyanyikan dalam dan bahasa Sunda? Atau bisa saja ia bertanya dalam bahasa Indonesia. Kumaha ieu teh?
Tentang pengalaman naik angkot jalur Soreang-Kopo ini, saya pun pernah menulis tema yang sama meski dalam media berbeda.
Entah siapa yang lebih dulu? Pengalaman itu saya tulis dalam bentuk fiksimini dalam Bahasa Sunda dengan judul âNaek Angkotâ. Isinya mirip dengan lagu âTi Soreang ka Kopoâ. Bedanya Jafanisun bercerita tentang naik angkot dari Soreang ke Kopo, kalau saya dari âLeuwipanjang (Kopo) ke Soreangâ. Pengalaman tersebut dimuat di buku Bulan Buleud dina Jandela, Media Cendekia 2014.

Begini:
Indit gawé ti imah milu ka tatangga naék motor. Balikna mah hayang naék angkot. Geus lila teu naék angkot.
Tabuh tujuh peuting. Di terminal Leuwipanjang megat angkot ka Soréang. Kosong. Gék diuk tukangeun supir.
Angkot maju lalaunan. Supirna culang-cileung nĂ©angan panumpang. âSorĂ©ang. SorĂ©ang. Pak, SorĂ©ang. Bu, SorĂ©ang!â ceuk supir.
Euweuh nu naék.
Baheula mah nu gogorowokan néangan panumpang téh kenék. Tapi, ayeuna mah angkot téh teu usum maké kenék. Supirna teu boga duit meureun jang ngagajih kenék? Boro-boro kenék, jang sopir sorangan gé can tangtu kabagéan.
Angkot téh reg eureun di parapatan da lampu beureum hurung. Préman terminal nu maké tato nyampeurkeun supir. Ujug-ujug srot, srot! nyemprotkeun parfum ka awak supir.
Terus préman téh namprakkeun leungeun menta duit ka supir. Supir ngasongkeun duit sarebu.
Lampu héjo. Angkot maju deui. Lalaunan. Reg eureun hareupeun bank. Ngetém jeung sababaraha hiji angkot.
âSorĂ©ang! SorĂ©ang!â
Euweuh panumpang nu naĂ©k. Karunyaeun ka kuring, supir majukeun deui angkot. Culang-cileung kĂ©nĂ©h. âSoreang! Soreang!â
Reg deui eureun di parapatan Kopo. NgetĂ©m deui. Motor sing belesat tararik. Supir ngageroan padagang asongan. âJang, roko sabatang lah. Lieur. Euweuhan kieu.â
Supir ngasongkeun duit sarébu. Roko diseungeut. Ngebul tina baham jeung irungna.
Di luar, calo ngabantuan gogorowokan néangan panumpang. Keseleun. Maju deui. Palebah Miko Mall rada macét. Nu ngamén ngagajleng naék. Lagu Ayu Ting Ting. Geus réngsé, pangamén téh ngasongkeun plastik urut air mineral. Sor ku kuring dibéré sarebu.
âNuhun, Pa!â ceuk pangamĂ©n.
Maju saeutik-saeutik. Supir nyusut kĂ©sang. Bahamna kumĂ©tap ningali jalma keur balakĂ©crakan dahar pecel lĂ©lĂ© jeung soto ayam di warung tĂ©nda sisi jalan. Sanggeus Miko Mall mah, angkot tĂ©h rada tarik. Di Sayati ngarandeg. âSorĂ©ang! SorĂ©ang!â
Euweuh nu naék.
Maju deui. Rada tarik. Leuwih tarik, muru bubaran pabrik di palebah Bojongbuah. Enya bubaran. Tapi, euweuh panumpang nu naék da dijaremput ku motor. Ngabiur deui.
âPa, badĂ© ka mana?â supir nanya.
âGadingtutuka,â tĂ©mbal kuring.
Tepi ka Warunglobak angger euweuh panumpang nu nyetop.
Nyebrut ka Gadingtutuka. Kuring eureun di parapatan. Ngasongkeun duit dua puluh rebu.
âTeu aya wangsulan, Pa. Aya nu pas?â âWios, tong diwangsulan,â ceuk kuring.
âNuhun, Pa.â
Angkot teu tuluy ka Soréang, tapi dibalikkeun deui ka Bandung. (*)